Untitled
Tidesa Puncak

Wargi-wargi kumaha damang ?…lembur kuring panineungan… aya didesa puncak kecamatan cigugur, kab kuningan. Sakali deui nepangkeun abdi Edi kusnadi  mung ayeuna nuju bubuara di lembur batur di kota Bandung.

ANAKING JIMAT AWAKING : BEUHAR KU ELMU LEUWIH HADE TIBATAN BEUHAR KU HARTA BANDA.. LALAKON KURING KATUKANG BASA KEUR DIPILEMBURAN.Baheula mah basa kuring keur leutik, basa hirup di lembur nu jauh ti karamean,jauh kutantung, jeung tina pabaliutna jelema. Kuring masih inget keneh harita, mun peunting, poek pisan da can aya listrik, ngan ngandelkeun cempor,atawa damar keur panerangan teh. Da harita mah memang di lembur kuring acan aya lampu listrik, nya mun peuting teh poek mongkleng, nya eta paling-paling make cempor keur panerangan imah teh. Mun kebenaran caang bulan, nya barudak sok nyempatkeun arulin peuting diburuan imah, nya sambil loloncatan atawa maen ucing sumput diburuan imah dilakukeun barudak. Mun kuring diajar peuting, da ngandelkeun cempor/damar, nya isuk-isuk dina sela-sela lobang irung harideung.

Read More

Lembur kuring letakna deukeut Gunung, malah di kaki gunung pisan, nya letak atawa palebah-palebahna di Kampung ciwuni 2, Desa Puncak, Kecamatan Cigugur, Kabupaten Kuningan. Eta gunung ngaranna Gunung palutungan. Mun belah kaler mah deukeut cisantana, nah sabeulah kulonna nya kampung kuring di ciwuni. Tapi nu deukeut pisan ka Gunung selain kampung kuring, nya eta kampung  , kadurama, cisantana, dano,  jeung masih aya keneh kampung nu nulewih deukeut . Kahirupan di lembur kuring mah, harita nyalobana mah nyawah atawa tani, ngebon, ngahuma. Aya ge nu ternak; malihara hayammeri, entog, domba, sapi atawa munding, tapi rata-rata mah nyawah. Kuring ge mun keur musim nyawah, sok ngiluan aki kuring kasawah, ngabantuan tandur, ngarambet, ngagosrok, nya mun keur usum panen nya ngiluan dibuat (menuai padi pake etem). Sabenarnya ieu tulisan loba pisan nu kudu dicaritakeun, tapi numana heula, da waktu ngetik ieu, ngadadak inget jaman baheula narembongan, jadi rada hese milihna numana heula nukudu ditulis heulaan. Tapi nudiluhur tadi eta nu ku kuring dicaritakeun, eta salah sahijina. Memang jaman harita mah di kampung atawa di lembur kuring masih acan aya listrik. Beda jeung ayeuna di lembur kuring, listrik geus aya, oge jalan teu rarenjul kubatu nugaralede. Jalan geus diaspal. Oge kandaraan, lumayan geus loba, teu susah mun rek kamana-mana oge. Nah eta bagjana, mun baheula kahirupan serba susah, rek diajar peuting ge ngan ngandelkeun cempor, da jaman ayeuna mah lampu listrik ge geus caang baranang kamana-mana di lembur kuring mah
 

Lembur kuring letakna deukeut Gunung, malah di kaki gunung pisan, nya letak atawa palebah-palebahna di Kampung ciwuni 2, Desa Puncak, Kecamatan Cigugur, Kabupaten Kuningan. Eta gunung ngaranna Gunung palutungan. Mun belah kaler mah deukeut cisantana, nah sabeulah kulonna nya kampung kuring di ciwuni. Tapi nu deukeut pisan ka Gunung selain kampung kuring, nya eta kampung  , kadurama, cisantana, dano,  jeung masih aya keneh kampung nu nulewih deukeut . Kahirupan di lembur kuring mah, harita nyalobana mah nyawah atawa tani, ngebon, ngahuma. Aya ge nu ternak; malihara hayammeri, entog, domba, sapi atawa munding, tapi rata-rata mah nyawah. Kuring ge mun keur musim nyawah, sok ngiluan aki kuring kasawah, ngabantuan tandur, ngarambet, ngagosrok, nya mun keur usum panen nya ngiluan dibuat (menuai padi pake etem). Sabenarnya ieu tulisan loba pisan nu kudu dicaritakeun, tapi numana heula, da waktu ngetik ieu, ngadadak inget jaman baheula narembongan, jadi rada hese milihna numana heula nukudu ditulis heulaan. Tapi nudiluhur tadi eta nu ku kuring dicaritakeun, eta salah sahijina. Memang jaman harita mah di kampung atawa di lembur kuring masih acan aya listrik. Beda jeung ayeuna di lembur kuring, listrik geus aya, oge jalan teu rarenjul kubatu nugaralede. Jalan geus diaspal. Oge kandaraan, lumayan geus loba, teu susah mun rek kamana-mana oge. Nah eta bagjana, mun baheula kahirupan serba susah, rek diajar peuting ge ngan ngandelkeun cempor, da jaman ayeuna mah lampu listrik ge geus caang baranang kamana-mana di lembur kuring mah

 

Ngaran – Ngaran Wanci

                        

Janari leutik = tabuh 01.00 - 03.00 
janari gede = tabuh 03.00 - 04.30 
balebat = tabuh 04.30 
carancang tihang = tabuh 04.30 - 05.00 
rebun - rebun = tabuh 05.00 - 06.00 
haneut moyan = tabuh 07.00 - 08.00 
pacar sawed = tabuh 09.00 - 10.00 
ramangsang = tabuh 11.00 
manceran = tabuh 12.00 
lingsir ngulon = tabuh 13.00 
panon poe satangtung = tabuh 15.00 
tunggang gunung = tabuh 16.00 - 17.00 
sariak layung = tabuh 17.00 - 17.30 
harieum beungeut = tabuh 18.00 - 19.00 
sareureuh budak = tabuh 19.00 
sareureuh kolot = tabuh 21.00 
teungah peting = tabuh 24.00

# waktu sejena
sakdet netra = (sakedep netra), kedet=kiceup, nya eta nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan.
sakiilat = waktu anu sakeudeung pisan
sapangnyepuhan = nuduhkeun waktu anu teu sabaraha lilana kira-kira sarua lilana jeung anu keur nyepah
sapangejoan = waktu anu rada lila salila anu keur ngejo (nyangu)
samur jagong = kira - kira tilu bulan setengah
sataun landung = satuan leuwih
sawinsu = delapan tahun
seabad = seratus tahun

# waktu sejena
poe ieu = ayeuna
poe an geus kaliwat = kamari
poe sanggeus kamari = mangkukna
poe anu bakal datang = isukan
sapoe sanggeus isukan = pageto
waktu nu cikeneh karandapan = bieu
waktu nu rada lila kaliwat= tadi
waktu nu lila kaliwat = bareto
waktu beh ditueun bareto = bahela
waktu nu sakeudeung dei bakal karandapan = engke
waktu nu bakal datang = isuk, jaga, isuk jaganing pageto.

Ti: Kajembaran Basa Sunda (saursepuhkangna.blogspot.com)
Baktos simkuring, Lilis Mayasari/ LieZMaya.

Sangkuriang
Babad Cirebon

               

Read More

Wilujeng dahar

                

“Teh Lis, bade masak naon kangge ayéna?” tanya kapi adi teh
“Hmm naonnya” bari kuram kireum, kucap kiceup molototkeun panon kuring nu sipit alatan beurat keneh tos hudang sare.
“Itu si Ujang sayur atos ngantosan dipayun”
“heug, kela kituh tunduh keneh”
“Euuuh burukeun atuh nyai, karunya si Ujang gés nunungguan” ngorejat kuring ngadenge sora si teteh (kapi lanceuk) ngahudangkeun make sora tarik kawas nu make toa, sugan teh aya panggilan perang ti pamarentah bakat ku reuwas wkwkwk…
Nya teu make loba  omong, kuring teh langsung w lémpang ka luar imah nyampeurkeun si Ujang sayur nu gés nangkring nunungguan kuring rek balanja sayur jang tuang poé harita.

“aya naon wae Jang?” tanya kuring
“kangkung, roay, bayém, tahu, tempe, jamur, paria, pokcoy, toge, ikan kembung, jagong, putren, sayur asemeun, baso, terong, bonteng, engkol, bandeng, asin, kikil, udang, ebi, surawung, jengkol, jeung sajabana lah tuh lobaaaaa….”
“hmmm naon atuhnya bingung, meni barosén lah”
“numis kangkung w atuh jéng tempe tambahan ku kacang beureum digoreng…nikmaaaat” pokna bari ngacungkeun ramo – ramo jempol duanana.
“aah eta mah kahayang didinya w meureunan haha” tuluy dibales nyengir serengeh ku si Ujang bari manehna kudak kodok saku nyokot hape-na.
“Nya anggér lah maneh mah mun era teh sok kudak kodok wae”
“heu atuh da kumaha sok narerpeus diheureuyan ku didinya mah”
“huahaha” nya barakatak we seuri kuring teh.

Tidinya kuring sibuk ninggalian sayur, asin, nu aya dina gerobak sapeda pangdagangan si Ujang, bari ngimpléng nyipta – nyipta dahar nu matak ngulimeud kana beuteung, seubeuh…sabab gés sababaraha poé asana teh teu nafsu kana dahar teh. Sabot ninggalian, si Ujang nunjuk peuteuy nu harejo balalotot ka kuring…
“Sabarahaan hijina?”
“dua rebuan”
“halah malah – mahal teuing”
“sok atuhlah keun baé sarebu lima ratus”
“hmm kela…” Kuring tuluy nyampér ka imah nenga kapi adi nanya manehna hayang dahar jéng naon, heug pokna teh “kuma teteh we” ceunah, kitu deuih jéng kapi lanceuk kuring “kuma dinya w lah, teteh mah moal waka tuang, rek kaluar engke beurengge”.
Hah da sébél ngamatakeun kuring jadi bingung, nya langsung w kuring nyabét sarawung sagagang, asin cumi – cumi sa- ons, bahan jang sambeuleun, peuteuy dua papan, waluh cina laleutik sabungkus, jeng kangkung jang tuang engke sore. Kabehanana jadi pas hargana sanggés ditambahan buah gédang jang alo kuring nu pangleutikna béh babari “pup” dua puluh rebu rupiah.

Nya kuring teh langsung w ka dapur mawa balanjaan sapalastik tadi, tuluy mawa talenan jéng peso jang nyiksikan. Gés beres nyiksikan tuluy kuring nitah kapi adi teh cénah nyangu da géning ditinggali dina reskuker (rice cooker) teh tereh beak. Tuluy w kuring nyién kuah bungbu ngeu’euman tempe.
“Breusss tempe di goreng”…karek satengah asak kompor gas teh lila kalilaan seuneu-na ngaleutikan tuluy jésss w pareum. Duh kunaonnya tanya kuring dina hate, pas tingggali géning gas-na gés béak. Beuuu palangsiang kuring gés teu kuat lapar kukurubukan teh, nya tuluy kuring teh ngageroan kapi lanceuk jang menta duit meuli gas. Untungna teh dihareupeun imah aya warung sembako, harita keneh selang satengah jam tabung gas teh di ganti ku tukang warung…pek song kuring ngasongkeun duit jang mayar eta gas saratus rebu, ngan harita teh euweuh pamulangan, nya keun baé we cék kuring teh engke deui mun balanja di cokot.

Derrr deui kuring teh masak tempe, bari nyiapkeun bahan jang nyambeul surawung dadakan, deuuuh aripek teh ditinggali tarasina geus béak…langsung we nyokot konci motor mukakeun gerbang…..breeeeeeeeung tancap gas meuli tarasi ka warung Yayuk (warung sayur urang jawa). Karek ge sapuluh meter ti lawang gerbang, cukclak girimis ti langit disambung ku géréték teh hujan gede. Duh gusti da gés kagok ngalengkah, kuring nekat nuluykeun maju ka warung, langsung meuli tarasi sarebueun ka si Yayuk teh. Bari hujan – hujan ge kuring maksakeun balik deui ka imah, keur mah kabeneran sapeuting teh karek inget yen kuring teh géning can mandi haha, sakalian we ah baseuh beh daek ke langsung mandi pas datang ka imah teh (benenya, nanaon ge pasti aya hikmahna hehe :P).

Datang ka imah kasampak kapi adi teh keur masak keneh tempe dua iliran, nya kuring teh pas datang langsung di bere anduk, jaribrug kahujanan kuring langsung lumpat ka kamar mandi, brusss mandi najan caina tiis kacida…make baju tuluy ngabalurkeun minyak kayu putih kana awak, teu sabaraha lila kuring langsung masak deui da teu kuat gés lapar téa. Hah harita kuring brang breng brong perang di dapur ngagoreng asin cumi – cumi cing balaleutak, ngoseng ngoseng waluh cina jéng cabe gendot husam hasim teu kuat ngangseu hawa masakan nu nyegak. Ngarendos sambel tarasi surawaung dadakan. Deuuuh beuteung beuki dieu beuki kukurubukan, leungeun jéng awak ngadaregdeg bakat ning ku lapar.

Kaulinan barudak sunda baheula

                    

Samemeh kaulinan komputer sarupaning Sega, PSP, atawa Nintendo datang, barudak leutik di Tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manéhna sabada diajar atawa mantuan kolotna, ayeuna mah cigana geus langka pisan, kajabaning di lembur - lembur leutik ciga lembur simkuring meureunan hehe.

Beda jeung kaulinan elektronis nu sipatna nyorangan, rurupaning kaulinan heubeul ieu biasana kudu dipaénkeun ku leuwih ti saurang. Sipat ieu tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis ngadidik budak jadi teu kaiket/mahardika/independen, ngulik jeun kompetitip. Sabalikna, kaulinan heubeul ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuheuyeuk leungeun. Sawatara jalma boga pamadegan yén ieu téh aya hubunganna jeung sipat barudak ayeuna, hartina masarakatna nu bakal kahareup, anu leuwih gedé rasa kasoranganana jeung turun rasa babarenganana.

Dua sifat ieu aya goréng aya alusna, teu bisa dibédakeun hideung bodas. Ieu tangtuna tangtangan pikeun kolot supaya bisa ngawanohan budak jeung dunyana supaya kahareupna generasi hareup jadi generasi nu mardika, kompetitip, ngulik tapi teu égois, atawa boga ‘rasa sosial’ nu lemes.

Salian ti ngajarkeun rasa babarengan éta, hiji ciri lain kaulinan barudak lembur baheula téh biasana mah tara leupas ti kakawihan, sanajan kawihna ngan saukur kawih pondok tur leuwih deukeut kana hariring tibatan kana ngawih. Contona, dina kawih kaulinan pelak cau nu ngabogaan pancén “nyabut” bibit cau kudu uluk salam heula maké kawih. Kusabab ieu, loba nu ngahijikeun kakawihan jaung kaulinan budak.

Tah, Dina daptar di handap disebutkeun rupa-rupa kaulinan budak Sunda:

- Ambil-ambilan: kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan.
- anjang-anjangan: kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.
- bébénténgan: kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb.
- béklen: kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.
- boy-boyan: Ieu kaulinan salah sahiji kaulinan nu paling dipikaresep ku simkuring di lembur kapungkur. Kailinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.
- congklak: kaulinan maké papan kai dieusi kewuk.
- cacaburangé: kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing.
- cingciripit: kaulinan bari kakawihan.
- damdaman: kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.
- endog-endogan: kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.
- empét-empétan: kaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.
éncrak kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.)
- éngklé: kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
- galah asin: kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.
- gatrik: kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.
- gugunungan: kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul.
- hahayaman: kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.
- jajangkungan: kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang
- luncat tali/ luncat tinggi: kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun (biasana tina karet geulang).
- ngadu kaléci: kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.
- oray-orayan: kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor.
- paciwit-ciwit lutung: kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih
- pérépét jéngkol: kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.
- pelak cau: kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.
- sérmen: kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.
- sondah: kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.
- sorodot gaplok: ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
- ucing-ucingan: kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.
- ucing sumput: kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.
Aya nu bade nambihan manawi???

Read More

Carita Lutung Kasarung

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti prameswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakanca, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih, nu katujuh Purbasari. Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun badé tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh Purbasari lain Purbararang, putra cikalna.
Prabu Tapa Ageung : Anaking, Bapa téh geus ngarasa kolot, kulantaran kitu Bapa rék tatapa di leuweung. Tuluy gaganti Bapa téh anu ngolah ieu nagara nyaéta Purbasari.
Purbararang : Tapi Pa? Naha lain abdi anu ngagentos Bapa téh? Lain abdi téh budak anu pangkolotna?
Prabu Tapa Ageung : Bapa milih Purbasari kusabab Purbasari téh bangun pisabareun, pibageureun, leuwih ti nu séjén. Kusabab kitu Bapa leuwih percaya ka Purbasari dina ngolah ieu nagara. Pokona mah ieu kaputusan geus mutlak jeung teu bisa dirobah deui

Tuluy Prabu Tapa Ageung indit tatapa ka leuweung.
Purbasari : Teu bisa kitu! Kuring teu narima! Kuring salaku budak cikal ngarasa dihina jeung asa ditincak hulu ku adi bungsu sorangan. Pokona kuring nu bakal ngolah ieu nagara. Purbasari, manéh indit…!!!

Purbasari diusir ti Karaton jeung dipiceun ka Gunung Cupu.
Kacaturkeun di Kahyangan, Guruminda putra déwata cikalna, titisan Gurian Tunggal ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu.
Guruminda : Ambu, abdi bieu ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Ambu.
Sunan Ambu : Jung geura téangan pijodoeun hidep anu sarupa jeung Ambu. Tapi ulah torojongan, anggo heula ieu raksukan… Lutung…!!!

Janggelek Guruminda rupa jadi lutung katelah Lutung Kasarung.
Kocap deui di nagara Pasir Batang… Niti Suwari ngersakeun haying tuang daging lutung. Tuluy nitah Aki Panyumpit pikeun néangan lutung ka leuweung.
Niti Suwari : Léngsér! Kuring téh haying dahar daging lutung.
Aki Panyumpit : Mangga juragan.
Di leuweung…
Aki Panyumpit : Ka mana nya lutung téh? Meni ka sepi euweuh sasatoan pisan ieu leuwung téh?
Aki Panyumpit geus pegat pangharepan. Barang rék muang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Barang rék disumpit, lutung téh nyoara.
Guruminda  : Eh, Aki bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho nu ngaranna karaton.
Aki Panyumpit : Ih bisa ngomong lutung téh! Heg atuh ari kitu mah, sok geura turun!
Lutung Kasarung dibawa ka Karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang anu teurak, teu bias dirogahala.
Niti Suwari : Aya naon Léngsér, asa rariweuh katingalina!
Aki Panyumpit : Ieu lutung meni ka hésé dipeuncitna, na kumaha atuh ieu téh Juragan?
Niti Suwari : Pasrahkeun wé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.

Eta lutung téh dipasrahkeun ka Purbararang. Purbararang keur ngagembrong ninun barang Lutung Kasarung nyampeurkeun. Tuluy koloprak téh taropong Purbararang murag ka kolong Balé.
Purbararang : Cing lutung, pangnyokotkeun taropoong di kolong Balé!

Tuluy éta taropong téh dicokot. Ari béréwék téh dibebekeun jadi lima, sor disodorkeun ka Purbararang.
Purbararang : Jurig lutung! Taropong Aing sabogoh-bogoh dibebekeun! Léngsér! Teu sudi Kuring mah, anteurkeun Si Lutung ka Purbasari di leuweung!

Tuluy Lutung dianteurkeun ku Aki Panyumpit ka Purbasari di leuweung.
Aki Panyumpit : Neng, ieu lutung pamasihan Purbararang kanggo pibujangeun
Purbasari : Eh, Léngsér, geuning si Tétéh téh aya kénéh adilna, sanajan lutung ogé teu kunanaon, tamba keueung di leuweung. Hatur nuhun béjakeun ka si Tétéh.
Aki Panyumpit : Mangga Néng.

Caturkeun di sisi leuweung, Purbasari ngagolér dina palupuh sabebek, di hateup welit sajalon. Lutung Kasarung ngangres ninggal kaayaan putri anu sangsara.
Guruminda : Deudeuh teuing Putri téh nalangsa pisan. Kuring rék neneda ka Sunan Ambu, neda sapaat para Bujangga, niat misalin meungpeung Purbasari saré kénéh.

Raksukan digedogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan, Panejanan tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggleg karatonna leuwih agréng ti nagara. Tempas saré Purbasari jadi kasur tujuh tumpang, disimbut sutra Banggala, disumpal ku benang emas. Janggelek Guruminda jadi lutung deui..
Purbasari : Ya Allah, naha jadi karaton ano agréng leuweung téh? Alhamdulillah ieu kanikmatan téh meni ka ajaib.

Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara Pasir Batang. Purbararang tambah sirik. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah Purbasari.
Purbararang : Awas manéh Purbasari! Urang bakal ngancurkeun sagalana!

Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna PUrbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, pageulis-geulis rupa. Tapi rahayat jeung jaksa mutus teu weléh Purbasari nu unggul.
Tungtungna Purbararang ngajak pakasép-kasép beubeureuh. Sakasép-kasépna lutung moal ngéléhkeun sagoréng-goréngnana manusa.
Purbararang : Purbasari, ayeuna manéh bakal éléh kusabab beubeureuh kuring mah manusa ari manéh mah beubeureuhna ngan lutung!

Purbasari ngan bisa cicing rumasa éléh, tenggekna kari saketokeung di teukteuk. Tuluy Lutung Kasarung ngagedogkeun raksukanana, baranyay hurung janggelek jadi Guruminda deui.
Purbararang : Indrajaya, paéhan éta lutung jadi-jadian, beubeureuh si Purbasari!

Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanna.
Indrajaya : Ku Aing paéhan sia!

Dina ahirna, Purbasari ngadeg Ratu di nagara Pasir Batang jadi prameswari Guruminda. Ari Purbararang jadi pangangon. Indrajaya dihukum jadi pangarit. Nagara Pasir Batang jadi maju dina pamaréntahan Purbasri jeung Guruminda.